Inget mangsa ka tukang

 
Inget mangsa ka tukang
Basa harga bala-bala masih keneh sarebu tilu
Basa harga BBM masih keneh 4500 saleter

Mangsa ka tukang
Basa nalangsana hirup ngan saukur meunang PR matematika
Basa bungahna hirup mun banyol jeung babaturan

Ah kamana mangsa ka tukang ?? 
Basa ieu soca masih keneh panceg neuteup manehna
Basa ieu hate masih keukeuh ngantos manehna

Inget keneh mangsa ka tukang
Basa suantenna laon nyaur, ngagupay ngajak tepang
Basa urang heureuy, banyol, patembal seuri duaan

Tapi
Kamana atuh ayeuna mangsa ka tukang ?

Kuring sono, 
Ka mangsa ka tukang



Komentar

Postingan Populer