Anjeun Kalangkang

Cahya nu baranang mencrang
Ngalayang di luhur gunung burangrang
Panon poe nu mere caang
Mere beja yen wanci geus beurang
Awak ge  sok hareudang
Malahan sok nepi ka bayeungyang
Nepi ka sok panas tarang
Atuuh ngucur ci kesang
Ahhh bae, asal hate we jadi herang

Anjeun ….
Anu ngan saukur kalangkang
Rada tingali katukang !
Aya kuring nangtung deukeut tihang
Ngantosan anjeun, anu mere pangharepan
Ahhh, kunaon wanci sok mere hariwang ??
Nembongkeun kuring jeung anjeun anu anggang
Meureun kereteg hate anu kurang
Duka waktos anu mere kamelang ??
Atawa hate anu hese patepang ??

Muhun, anjeun…
Ngan kalangkang

Komentar

Postingan Populer